Sunday, January 25, 2009

Bah

(foto diambil dengan menggunakan SE G502 jam 3 subuh dengan Night Mode, tapi masih rumeuk, teuing modelna emang rumeuk, hahaha)

Lieur euy, jam tilu, isuk-isuk (lolong) tapi can bisa sare. Gara-garanamah tadi sare heula ti jam tujuh nepi jam sabelas. Opat jam lah lumayan, tapi nu biasana langsung bisa sare deui, ieu mah can bisa. Jadi weh Go Blog, bari nulis naon deui nya rieut. Matakna anggap weh ieu mah posting teu puguh, lieur, ngaco. BAH!!!.

Si Dadang aambekan da dibere bekok ku sayah, keur maen World of Warcaft, keur rame-rame na maen, dapet serangan dari belakang, berupa bau menusuk kolbu, wakakakakakakakak. Di labkom ngan duaan, da si Wawan jeung si Tedi di ruang TU sedang menonton teuing berbuat mesum, hahahahahahahaha, piz ah bro.

Isukan poe minggu, truz senena pere, gelo euy, bisa paeh bosen urang euweuh gawean, eh, tapi ketang mun teu salah web pesenan kudu beres senen. Hahahahahaha, tapi da konsep jeung kategorina can di sms ka sayah. Jadi bingung kudu ngagawekeun naon. Tapi nu pasti, isukan sayah kudu nonton!!!! aya pilm Red Cliff 2 mun teu salah mah, atawa Bedtime Stories, nu pasti mah penghilang satres, si Aink kudu nonton, nya paling banter meuli pilm bajakan trus nonton di kamar, olangan, bari sare, wakakakakakakaka.

Hah, nulis naon deuinya? ide.....ide.....di manakah kau bersarang? telah habis kata yang ada di kepala yeuh.

Eh, pengumuman oge, jigana aya kemungkinan si sayah jadi Sekretaris MGMP TIK SMA Kota Bandung yeuh, fuh, geuleuh sekali tah si Firman, ameh gampang koordinasi cenah, padahal mah ameh teu kagok nitah weh nya Fir? hahahahahahahaha. Sip lah, jadi sekretaris atopun lain, si Candra Bakhtiar Giovanni Sunendar siap dan akan selalu, always will be membantu, dengan Do'a, wakakakakakakaka. Asal tong hilap ulah poho, DUFAAAAANNNNNNN....!!!!!!

Iraha urang dek ka dufan? eta halilintar geus ngagupayan, kora-kora geus ngajakan, geus asa hayang jojorowokan yeuh. Pokokna apapun lah, asal bisa ka dufan mah. Bae kudu mayar 10.000 ge, ridho, hahahahaha.

Bah, aink bingung yeuh, dek naon, maen World of Warcraft tadi eureun bakat ku nasteung, maenya Rogue urang teu bisa lockpick, cenah Pick Tool na euweuh, tapi pas dek meuli deui, dibejaan yen simkuring teh masih ngagaduhan eta item, huh, sebel, sebel, sebel, kesel, kesel, kesel, pegel, pegel, pegel. Jadi inget, mun aya si Lele keneh mah aya nu maturan plus plus, hahaha, plus mencetan maksudna. (Eits, tapi mencetana teu make plus-plus oge, awas tah, soalna mun arek nu plus-plus mah tinggal menta, hahahaha). Tapi da si Lele na geus euweuh, geus jeung batur, hiks.

Eh, sayah teh di tanya ku si Eno, naha teu bobogohan weh jeung urang luar Bandung, mencari suasana baru? pas saya nanyakeun saha? mang aya kitu? di jawab teh adina si Eno mun henteu si Cempaka nu imut tea, wakakakakakakaka. Ah embung. Mending neang heula nu di Bandung, walopun si Eno nu geulis n menurut manehanana leuwih geulis ti batan adina secara ajaib menawarkan diri oge masih bakalan berpikir 2x24 jam, kabayang si Aink kudu bepergian jauh dari Bandung untuk mengunjungi rumah, katakanlah, ehem, camer, hahahahaha, TIDAAAAKKKKKK......

Mending urang Bandung dah, bae disebut ku'uleun ge, disebut bangkong ka kurung ku batok ge, da sayah mah cinta Bandung, hidup Bandung, hidup PERSIB, hidup AINK!!!!! hahahaha.

Tapi kasieun aya coi, bisi omongan si Lulu Rosa Indah (nu ieu, dia emang indah tapi tetep, sok asa teu ridho ngakuna, hahaha, piz Lu, tong ngambek) yen sayah mah beuki na ka ABG teh bener ayana, wakakakakaka, ari kitu mah iraha si Aink kawin? ma'enya dek bobogohan wae trus bertindak mesum kitu? hahahaha. Tentu tidak saudara-saudara. Maksimal 30 taun si Aink kudu geus nikah, jodohna? nya nu pasti dia yang terbaik n tersempurna buat sayah yang sudah diberikan Pangeran, Alloh SWT buat sayah. (Pliz, Ya Alloh, tong lami teuing, pasihan sayah jodoh anu pang sae'na, pang sempurna'na, pang geulisna, pang bageurna, pangsolehna, pang gokilna (ameh rame), pang rajina, pang sagalana nu sae) :)


No comments: